Bismillah Hirrahman Nirrahim
Hayu geura saradia
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun jaga
Di akhir moal Sulaya
Geuning maot ngadodoho
Boro sok di poho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngagerentak taya tempo
Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Dimana ajal tos sumping
Teu meunang tempo anaking
Horeng nyawa reujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa papisahan
Paturay tineung amitan
Lain meuren lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Malah awak urang pisan
hate reuwas mata mencrong
renghap ranjug na genggerong
nu deukeut geus teu ka tembong
napas ngangsreg na genggerong
Horeng ieu teh sakarat
Di cabut ku malaikat
Nyawa ngangsreg mapai urat
Taya daya pikeun lumpat
Kurenghap nu pangangeusan
Beak sakabeh harapan
Ngabeubeungkang teu ngambeukan
Rek kumaha panghareupan
Boromah keur suka betah
Nganter napsu suka ngenah
Beak waktu pikeun pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah
Cunduk waktu ngantun leumbur
Ngajujug ka alam kubur
Beunang ngali geus di ukur
Keur awak urang sakujur
Rek naon anu dibawa
Naha duit raja kaya
Beunang ngumpulkeun di dunia
Belaan nipu pasea
Beunang tisuk-sruk tidung-dung
Nu sok dipake adigung
Kana solat saum linglung
Mere jakat fitrah embung
Ibadah ka toler-toler
Nepi kanyangirah kaler
Ngajolompang di ruruban
Diriung di tarungguan
Logodor datang pasaran
Entong lila sosonoan
Nungariung pikir miris
Nyaah gebati ngalengis
