Laman

nama blog ini

nama blog ini
blog kumpulan nadhom

Nadhom illahana




Terjemahan :


          Bismillah Hirrahman Nirrahim
Ilahana ya ilahana iqfirlana dunu bana kafir ana saiatina war muslimin natawa kalna


Dugusti nu maha suci nyanggakeun ibadah abdi

Tumampi abdi tumampi Tebih jeung kirang pangarti

Dugusti nyanggakeun tobat geuning hirup seer lepat

Doraka ejeung masiat pantes munggusti ngalaknat

Musibah dimana-mana bancana loba tumiba

Bongan hirupna manusa Seermasiat jeung dosa

Mugi gusti ngahampura Kana pirang-pirang dosa

Rumasa abdi rumasa doraka kanu kawasa

Hirup manusa teu lami bakal mulang kanyang widi

Hayu urang sami-sami tobat kanu maha suci

Muhamad panutan umat dugi ka poe kiamat

Sing saha hoyong safaat seerkeun ngaos sholawat

Didunya urang mumbara hirup urang moal lila

Kajeun urang loba harta geusmaot moal di bawa

Hirup ulah lalawora ibadah urang sing loba

Mempeung urang masih ngora geus kolot loba karasa

Hay Allah nu maha agung kagusti nyuhunkeun tulung

Kasusah teu manggih tung-tung loba doraka ka indung

Ya Allah abdi hampura loba migawena dosa

Kakolot abdi doraka sabab jauh ti ulama

Ya Allah nu sifat Rohman abdi sadaya tulungan

Ditetepkeun iman islam serta sae panungtungan 

Amin Allah amin Allah amin ya robal alamin

Amin Allah amin Allah amin ya robal alamin